Gedung Kesenian Baru Bernilai Miliaran Undang Reaksi Seniman Budayawan Jawa Barat

- 27 Januari 2021, 20:42 WIB
Postingan seniman budayawan Jawa Barat Godi Suwarna tentang ambruknya Gedung Kesenian Geotheater Sumedang di Desa Sukamaju Kec. Rancakalong Kabupaten Sumedang Jawa Barat
Postingan seniman budayawan Jawa Barat Godi Suwarna tentang ambruknya Gedung Kesenian Geotheater Sumedang di Desa Sukamaju Kec. Rancakalong Kabupaten Sumedang Jawa Barat /tangkapan layar facebook Godi Suwarna/

PORTAL BANDUNG TIMUR -  Robohnya Gedung Kesenian Geotheater Kabupaten Sumedang di Desa Sukamaju Kecamatan Rancakalong Kabupaten Sumedang Jawa Barat, mengundang reaksi seniman dan budayawan serta pemerhati seni budaya dari kalangan akademisi Jawa Barat di berbagai jejaring media sosial. Salah satunya milik budayawan dan sastrawan Godi Suwarna yang diungkapkan dalam bentuk karyanya, ‘Glebug Bendu’

'Gelebug Bendu'

ANGIN KARUHUN SUMEDANG

Geus ti béh ditu kénéh sim uing mireng béja, yén Kangjeng Gubernur Jabar aya maksad seja ngawangun "Pusat Studi Budaya Sunda", mangrupa komplék wangunan jangeun kaperluan kamekaran kabudayan. Di antarana, nya gedong kasenian. Cenah, rék diwangunna téh di lima kabupatén, kaasup di Kabupatén Sumedang.

Puguh wé, salaku tukang kasenian di lembur, sim uing bungah kacida. Da nya kitu, lian ti di dayeuh Bandung nu réa piliheun, di daérah mah langka pisan gedong nu genaheun jangeun pintonan kasenian. Kacipta wé barungaheunana para seniman Sumedang. Sahenteuna, mun aya gedong kasenian mah karancagéna bakal terus tumuwuh.

Cenah, gedong kasenian di Sumedang téh rék diwangun di Rancakalong. Di Rancakalongna ogé nenggang, jauh ka ditu ka dieu. Anéh. Naha teu di puseur dayeuhna baé, nu can boga gedong kasenian? Sakaterang, di Sumedang téh kawilang réa seniman. Tangtu bakal leuwih babari mintonkeun karancagéna, tur bakal leuwih kadeugdeug, mun gedongna di puseur dayeuh.

Baca Juga: Gedung Kesenian Baru Dibangun Ambruk Diterjang Angin, Rombongan Komisi V DPRD Jawa Barat Kaget  

Jol deui béja, yén pangwangunanana mangkrak, kaburu kapegat mantén ku usum Korona, cenah. Nya kaharti lebah dinya mah. Da meureun dana tina APBD-na direbolan ku si Kopid. Si Éta téa sok jadi paneumbleuhan keur sarupaning perkara nu kaluli-luli, nu macét-macét, nu teu kaurus. Yah, apabolehbuntet, Lur!

Na atuh, mangkukna, geus jol deui béja, yén gedongna teu burung anggeus. Tapi, runtuh katebak angin. Deuleu étah! Geus ahéng deui baé. Asa teu asup akal. Piraku aya gedong anyar nu pangaosna milyar-milyar bet bisa runtuh ku angin? Mun ku lini atawa ku cunami onaman nya kaharti ogé. Ieu mah ku angin! Na angin sagedé nanahaon teuing nu bisa ngaruntuhkeun gedong weuteuh? Boa aya nu basilat, alias macok sawaréh, tepi ka hasilna jadi gedong nan réyod!

Halaman:

Editor: Heriyanto Retno

Sumber: Instagram @bpptkg


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x