Ngaran ieu hadiah kenging nyandak tina jenengan salah sahiji tokoh atikan Jawa Barat, nyaeta R. Sobri Hardjapamekas suargi (1913-2005). Anjeunna lahir di Cianjur, Jawa Barat, 23 September 1913.
Ngawitanana mah ancrub kana widang pamarentahan, tapi ti taun 1950-an langkung museurkeun panitenanana kana widang atikan sareng budaya. Anjeunna tabah pisan nyarios basa Jerman, dugi ka janten anjeunna guru basa Jerman munggaran nu sakola langsung di Jerman téh. Samulihna ti luar negeri, anjeunna teras ngawulang di IKIP Bandung (ayeuna Universitas Pendidikan Indonesia), dugi ka pangsiunna.
Alatan ieu hadiah raket patalina jeung widang atikan, Yayasan Rancage teras gawe bareng jeung UPI. Dina ahir taun 2007, rarancang ieu hadiah ngawitan dibadamikeun antara Rancage jeung UPI.
Hadiah Hardjapamekas ngawitan dipasrahkeun tanggal 13 Januari 2008. Dugi ka taun 2023, tos aya 36 guru basa Sunda nu kenging ieu hadiah ti wewengkon Jawa Barat, Banten, sareng Jawa Tengah.
Dina prakprakanana nangtukeun pinunjul, panitia ngembarkeun usulan, saha wae nu pantes dipaparin ieu hadiah. Salajengna dipilih nominasi ti unggal katégori. Girang pangajen baris ngawawancara para guru nu lebet nominasi, dugi ka netepkeun saha pinunjulna.
Girang pangajen Hadiah Hardjapamekas nyaeta H. Elin Sjamsuri, Prof. Dr. Iskandarwassid suargi, Prof. Dr. Dingding Haerudin, sareng Dr. Safrina Noorman.
Hadiah Hardjapamekas Taun 2023
Sabada ngabéwarakeun jeung neuleuman pirang-pirang usulan, panitia netepkeun lima nominasi ti unggal kategori, nyaeta:
Nominasi hatégori guru SD/MI: