Seandainya Rp3 Miliar Dibagikan ke Seniman Budayawan, Berapa Karya Tercipta  

- 29 Januari 2021, 14:31 WIB
tangkapan layar status sastrawan budayawan Jawa Barat Godi Suwarna terkait bangunan Pusat Kebudayaan Kabupaten Subang senilai Rp6 miliar.
tangkapan layar status sastrawan budayawan Jawa Barat Godi Suwarna terkait bangunan Pusat Kebudayaan Kabupaten Subang senilai Rp6 miliar. /face book Godi Suwarna/

 

PORTAL BANDUNG TIMUR - Sastrawan dan budayawan Jawa Barat Godi Suwarna, yang kaya akan karya-karya sastra Sunda dengan ungkapan khas dan mengena seakan sulit dibendung saat tahu dan mengetahui kondisi bangunan Pusat Budaya Kabupaten Subang di Hutan Ranggawulung, Kecamatan Subang Kabupaten Subang Jawa Barat. Bagimana tidak merasa prihati rasa kesenimanannya  saat melihat langsung kondisi bangunan yang rusak akibat mangkrak pembangunannya. 

Lebih-lebih saat mengetahui anggaran yang dipergunakan dari uang rakyat senilai Rp6 miliar. Dari yang direncanakan sebesar Rp33 miliar. Namun meski pemberitaan terus berlanjut dan di media jejaring sosial ramai dibicarakan hingga Komisi V DPRD Jawa Barat harus turun gunung, tetap saja dari Pemerintah Provinsi Jawa Barat, wabil khusus dari instansi terkait yang menangani belum kunjung ada jawaban.  Alhasil, Godi Suwarna kembali menuangkan dalam bentuk karyanya.

Baca Juga: Habis Rp6 Miliar Grand Design Gedung Pusat Kebudayaan Dipertanyakan Komisi V DPRD Jabar

Kaahéngan Tatar Sunda,  ‘SUBANG MAGICAL ARTIST FARM’

Sumpahna gé sing daék demi, Lur! Sim uingah sok héran, bingung, keuheul, sedih, ambek, pagaliwota. Sumuhun éta, mun ningal talajak para gegedén. Mun disuhunkeun dana ku seniman, keur garapan kasenian, mani sok seuseut kacida. Dina ditedunan ogé, déng teuing, ukur masihan sakopét! Malah, aya nu pok pisan nyebatkeun, réh kasenian téh penghamburan, saurna.

Sabalikna, mun aranjeunna ngadamel gedong kasenian, waragadna sok teu euleum-euleum. Milyar-milyar. Éta téh biasana mah bari jeung tara ngajak badami heula ka para seniman nu rék marakéna. Gegedén téa sok asa janten nu maha uninga, rahayat mah dianggap belet balilu. Der ngawangun. Hasilna, tara jauh ti sangkaan. Gedong nu majar jangeun kasenian téh teu ngalér, teu ngidul, alias mubah.

Tong jauh-jauh, ieu wé nu aya dina tungtung irung uing: Gedong Kasenian Ciamis. Geus taun-taun ngadeg téh can kungsi dipaké mintonkeun karya para seniman Ciamis. Agréng jeung weweg ari gedongna mah. Ngan, nya kitu, di jerona teu matut keur pagelaran. Mangkaning anggaranana milyar-milyar, tina dana APBD, alias duit rayat Jabar, jaman Kangjeng Wagubna Dedi Mizwar. Mubah. Boa ayeuna mah geus dipaké bumén-bumén ku sakadang walét.

Baca Juga: Legoknangka Diharapkan Beroperas 2023, Tapi Progres Pembangunan Belum Signifikan

Halaman:

Editor: Heriyanto Retno


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah