Tacan Pernah Kacaritakeun Gedong Kasenian di Lembur Singkur

- 31 Januari 2021, 12:00 WIB
Penulis ngaping Komisi V DPRD Jawa Barat di Gedong Pusat Budaya Subang di Hutan Kota Ranggawulung Kabupaten Subang.
Penulis ngaping Komisi V DPRD Jawa Barat di Gedong Pusat Budaya Subang di Hutan Kota Ranggawulung Kabupaten Subang. /dokumentasi Mas Nana Munajat/

PORTAL BANDUNG TIMUR - Ngeunaan gedong kasenian atawa gedong budaya geus heubeul jadi panyileukan seniman, unggal ganti gubernur jeung bupati atawa walikota. Ting kuniang harepan ayana gedong kasenian anu refresntatif, wangunanna sigrong, atuh panggungna, pakakas panggungna kayaning lighting, sound system, akustik nu hadé. Tempatna gampang didongkang, aya dipusat karaméan.

Kapan jaman béh ditu ogé rombongan longsér, topéng, lontang, sandiwara jeung kasenian tradisi lianna manggungna téh di pasar malam. Aya nu di pasar, deukeut pasar, di buruan stasiun karéta jeung di tengah lembur atawa kota.

Pon kitu deui gedong kasenian jeung gedong film diadegkeunna di puseur dayeuh, teu anggang ti kantor pamaréntahan katut pusat karaméan.Contona gedong Merdéka asalna tempat konser musik, jeung opera, yayasan Pusat Kebudayaan anu di kota Bandung apanan di tengah kota, gedung Kesenian Jakarta di tengah Kota.

Tara kabéjakeun aya gedong film atawa gedong kasenian anu diadegkeun di lembur singkur, komo di kebon anu anggang ti lembur mah. Wangunana tohaga, ngajega tepi ka ayeuna. Salahsahiji wangunan anu reugeujeug beunang nyieun pamaréntah propinsi Jawa Barat nyaéta gedong kasenian Rumentangsiang, harita mah kawilang agréng, tempatna paadek jeung pasar kosambi, di jalan baranangsiang kota Bandung, waktu jaman gubernur Solihin GP.

Baca Juga: Masih Banyak Warga Kabupaten Garut Lalai Abaikan Protokol Kesehatan  

Geus sababaraha kali ganti Gubernur di Tatar Priangan ieu, tacan ngadeg deui gedong kasenian anu reugeujeug. Memang, unggal ganti Gubernur sok puncunghul ide nyieun gedong kasenian.

Keur  Dede Yusuf jadi Wakil Gubernur gede harepan Jawa Barat miboga Gedong Kasenian anu gede agreng. Kitu deui keur Dédy Mizwar jeneng jadi Wakil Gubernur Jawa Barat, puncunghul program deuk ngawangun gedong bertaraf internasional di Kota Bandung di Jalan Cikutra, malah didongsok ku Ridwan Kamil anu nuju jumeneng jadi Wali Kota Bandung.

Oge ka idean ngawangun Geo Theatre di lelewek urut penggalian batu di lelewek Guha Pawon, Cipatat Badung Barat. Sarta gedong kasenian di unggal Kota jeung Kabupatén, Anjeuna ngusulkeun sangkan gedong bioskop anu geus teu kapaké diwangun gedong kasenian.

“Tah rada merenah yeuh, meureun ari urut gedong film mah ayana di tengah kota atawa teu anggang di tempat karaméan, sarta ngeunaan akustik geus nyampak, éta program pada narungguan,” kitu gerentes hate.  

Teuing Kota jeung Kabupaténna teu ngaréspon atawa bingung ngabébaskeun lahan jeung wangunan. Da geuning aya sababaraha Kota jeung Kabupatén anu meunang bantuan dana propinsi keur gedong kasenian, nya kitu téa dina geus ngawujudna teu ngalér-teu ngidul, teu nyumponan sarat keur kapentingan seni pintonan.

Halaman:

Editor: Heriyanto Retno


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x