Tacan Pernah Kacaritakeun Gedong Kasenian di Lembur Singkur

- 31 Januari 2021, 12:00 WIB
Penulis ngaping Komisi V DPRD Jawa Barat di Gedong Pusat Budaya Subang di Hutan Kota Ranggawulung Kabupaten Subang.
Penulis ngaping Komisi V DPRD Jawa Barat di Gedong Pusat Budaya Subang di Hutan Kota Ranggawulung Kabupaten Subang. /dokumentasi Mas Nana Munajat/

Méh dalapan puluh persén ancurna éta wangunan, runtuhna katebak angin, munasabah mun rugrug téh da kontruksi jeung materialna teu nyumponan sarat. Lapisna ku triplék, kaina ogé lain kai anu tahan lila. Ahéngna éta gedong kasenian diwangun anggang ti lembur.

 “Saha anu badé lalajona, da ka ieu tempat taya kendaraan umum anu ngaliwat, alusna mah di kota baé ngarah gampang kadongkangna,” Abah Aka Juhaya pengrajin lampu patri, sanggar ajisaka, Tanjungsari Sumedang, ngedalkeun kaharenegna.

Nu jadi alesan pangna nurutkeun Dédé Sobarna Kabid  Kebudayaan Disparbudpora Kabupatén Sumedang, pangna diwangun di éta tempat ka hiji perkara tanah. Di kota tos teu aya lahan milik asét Pemkab, tanah anu aya nyaéta tanah carik désa, anu teu kudu merlukeun dana keur pembébasan tanah.

Anu ka dua, patali jeung sumber daya kultural, Rancakalong boga tradisi Ngalaksa jeung seni tarawangsa, tradisi jeung senia masih hirup. “Pihak  Disparbudpora tos siap ngaramékeun ieu gedong kasenian, mung hanjakal ieu wangunan kabujeng runtuh,” pokna bari neuteup ruruntuk wangunan.

Ampir sarua nasibna jeung Gedong Kasenian Géo Théatre Rancakalong, Gedung Pusat Budaya Subang sanggeus diwangun teu diurus, kalotor, barala, rahab wangunana dalapan pluh persén tina awi, anu bagéan luar katémbong geus barobo, cai nguyumbang dina lanté.

Waktu rombongan Komisi V DPRD Jabar anjog ka éta tempat dibagéakeun ku spanduk anu tilisanna “Selamat Datang di Kandang-kandang” beunang nyieun Forum Mahasiswa Subang Se-Indonésia (Formasi).

Nurutkeun Amin, anu ngawakilan Dinas Pekerjaan Umum, dan Perumahan Rakyat (PUPR) Subang, waragad keur ngawangun gedong Budaya Subang Rp6 milar. “Ieu téh nembé kanggo gedong pintonan, dana sakitu téh dianggo kanggo lahan parkir, jalan ka lokasi sareng ieu wangunan. Tina rarancang arsiték Yusing mah kedah sadayana tina awi, mung pihak PUPR  patali sareng tihang, oge rangkai tina beusi sarta baja ringan, supados rada kiat,” kitu katerangan Amin waktu dipénta katerangan ku Komisi V DPRD Jabar.

Baca Juga: Isu Hoaks Vaksin Covid-19 SEmakin Merebak, Masyarakat Jangan Termakan Isu

Ngeunaan saha nu kudu ngokolakeun éta gedung teu acan jéntré.”Mun ningali grand desainna mah ieu pusat budaya téh keur déstinasi wisata, tina éta desain lain ngan ukur panggung tempat pintonan, aya kolam renang aya galeri karajinan, kulinnér, ogé aya tempat tikéting. Ieu mah étalase budaya kangg kapentingan wisata. Tah upami badé dipasrahkeun ka Dinas Pendidikan dan Kebudayaa Subang kedah dirobih heula konsépna. Da widang kebudayaan disdikbud mah teu aya hubunganna jeung Penghasilan asli daérah, hubunganna sareng atikan seni, pewarisan, pelestariaan, pengembangan seni budaya,” Khadar Héndarsyah Kabid Kebudayaan nepieu alesanna pangna pihak Disdikbud can narima Gedng Pusat Budaya.

”Ieu bangunan anu bahanna tina awi, sarta hateupna maké piber, anu bagéan luar teu katiungan, nu kapanasan jeung kahujanan anu bagéan warnana robah, malah katémbong geus bobo. Tah ieu téh dina jihad kontruksi geus salah, ieu téh méh sarua jeung wangunan anu aya di Sumedang, upami nilik wangunan anu di Sumedang katingalinatina modél alus, sarta gumulung jeung alam katut budayana, ngan hanjakal material anu dipaké teu luyu jeung dana anu diglontorkeun ku pemprop Jabar,” ucap Néng Madina anggota Komisi V ti Praksi PPP nepikeun ka kuciwaanna.

Halaman:

Editor: Heriyanto Retno


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah