Bejer Pangajen Hadiah Hardjapamekas Taun 2023

23 September 2023, 18:49 WIB
Eddy Djuhdi Hardjapamekas salah seorang perwakilan keluarga saat membacakan nominasi dan pemenang Hadiah Hardjapamekas, di Perpustakaan Ajip Rosidi Jalan Garut Kota Bandung, Sabtu 23 September 2023. /Portal Bandung Timur/mey nurohman/

PORTAL BANDUNG TIMUR - Hadiah Hardjapamekas teh pangajen pikeun guru basa Sunda. Ieu hadiah dipasrahkeun unggal taun ku Yayasan Kebudayaan Rancage rukun gawe sareng Program Studi Bahasa Sunda, FPBS, Universitas Pendidikan Indonésia.

Hadiah Hardjapamekas ngawitan diayakeun taun 2008, diajangkeun kanggo tiluaneun, nyaeta guru SD/MI, guru basa Sunda SMP/MTs, sareng guru SMA/SMK/MA/MAK. Guru nu dileler baris kenging tropi, piagem, sareng artos pangrojong ti kulawarga R.S. Hardjapamekas.

Upami nyawang kana sasakalana, ieu hadiah teh miang tina kanyataan yen pancen guru basa Sunda di sakola teh kalintang beuratna. Sawatara guru kudu ngageroh siswa nu sama sakali teu barisaeun basa Sunda lantaran jolna ti lingkungan kaom mukimin, atawa lantaran kolot-kolotna teu ngajarkeun basa Sunda di imahna.

Ka dieunakeun, siswa nu kolotna urang Sunda pituin ge beuki saeutik nu nyarita basa Sunda, pangpangna di wewengkon kota. Teu ngabibisani, upama sakapeung mah pangajaran basa Sunda dianggap leuwih hese ti batan pangajaran basa deungeun.

Baca Juga: Hadiah Hardjapamekas Kembali Akan di Anugerahkan Yayasan Kebudayaan Rancage pada Guru Basa Sunda

Dina kaayaan kawas kieu, guru basa Sunda tangtu wae kudu leuwih rancage, motekar, kretif, jeung pinuh kaheman dina ngawulang elmuning Sunda basa ka barudak sakola. Guru nu kawas kieu payus pisan upama dipaparin pangajen, dipasihan apresiasi, dirojong sumangetna sangkan bisa nepakan karancageanana ka guru-guru sejenna.

Dina awal taun 2007, Hasan Kartadjoemena suargi nu harita ngiring naratas Perpustakaan Ajip Rosidi, nepikeun gagasan ka yen guru-guru basa Sunda nu gede jasana ngahirup-huripkeun basa Sunda, perlu meunang pangleler. Nya aranjeunna pisan nu jadi 'tameng' basa Sunda di lingkungan atikan teh.

Eta gagasan teh kalintang dibageakeun ku Ajip Rosidi. Salian ti hadiah sastra, Yayasan Rancage bisa ngalegaan ambahan ku masrahkeun hadiah ka para guru basa daerah.

Baca Juga: Hadiah Sastera Rancage ke-33 Salah Satu Wasiat Ajip Rosidi

Ajip Rosidi sareng Hasan Kartadjoemena teras nepangan Erry Riyana Hardjapamekas nu harita masih keneh janten Wakil Ketua KPK. Pa Erry sapuk kana eta gagasan, tur siap ngarojong waragadna. Pa Ajip teras ngusulkeun sangkan eta hadiah dinamian 'Hardjapamekas'.

Ngaran ieu hadiah kenging nyandak tina jenengan salah sahiji tokoh atikan Jawa Barat, nyaeta R. Sobri Hardjapamekas suargi  (1913-2005). Anjeunna lahir di Cianjur, Jawa Barat, 23 September 1913.

Ngawitanana mah ancrub kana widang pamarentahan, tapi ti taun 1950-an langkung museurkeun panitenanana kana widang atikan sareng budaya. Anjeunna tabah pisan nyarios basa Jerman, dugi ka janten anjeunna guru basa Jerman munggaran nu sakola langsung di Jerman téh. Samulihna ti luar negeri, anjeunna teras ngawulang di IKIP Bandung (ayeuna Universitas Pendidikan Indonesia), dugi ka pangsiunna.

Alatan ieu hadiah raket patalina jeung widang atikan, Yayasan Rancage teras gawe bareng jeung UPI. Dina ahir taun 2007, rarancang ieu hadiah ngawitan dibadamikeun antara Rancage jeung UPI.

Ketua Yayasan Kebudayaan Rancage Etty RS saat memberikan sambutan pada penyerahan Hadiah Hardjapamekas di Perpustakaan Ajip Rosidi Jalan Garut Kota Bandung.

Hadiah Hardjapamekas ngawitan dipasrahkeun tanggal 13 Januari 2008. Dugi ka taun 2023, tos aya 36 guru basa Sunda nu kenging ieu hadiah ti wewengkon Jawa Barat, Banten, sareng Jawa Tengah.

Dina prakprakanana nangtukeun pinunjul, panitia ngembarkeun usulan, saha wae nu pantes dipaparin ieu hadiah. Salajengna dipilih nominasi ti unggal katégori. Girang pangajen baris ngawawancara para guru nu lebet nominasi, dugi ka netepkeun saha pinunjulna.

Girang pangajen Hadiah Hardjapamekas nyaeta H. Elin Sjamsuri, Prof. Dr. Iskandarwassid suargi, Prof. Dr. Dingding Haerudin, sareng Dr. Safrina Noorman.

Hadiah Hardjapamekas Taun 2023

Sabada ngabéwarakeun jeung neuleuman pirang-pirang usulan, panitia netepkeun lima nominasi ti unggal kategori, nyaeta:

Nominasi hatégori guru SD/MI:

  1. Ari Awaludin Azhari, SDN 1 Cikembulan, Kadungora, Kab. Garut
  2. Mas Ela Hodijah, SDN 087 Rancabolang, Kota Bandung
  3. Nenden Hernika, SDN Bojongmangu 03, Bojongmangu, Kab. Bekasi
  4. Neneng Nuraeni, SDN Sirahcai Kecamatan Jatinangor, Kab. Sumedang
  5. Rohayani, SD Santo Yusup Cimahi, Kota Cimahi

 Nominasi katégori guru basa Sunda SMP/MTs:

  1. Cucu Suhartini, SMPN 1 Jatinangor, Kab. Sumedang
  2. Egi Praja Septian, SMPN 4 Cikarang Utara, Kab. Bekasi
  3. Hena Sumarni, SMP Negeri 9 Cimahi, Kota Cimahi
  4. Imas Rohilah, SMPN 1 Warungkondang, Kab. Cianjur
  5. Kurniawati, SMP YWKA Bandung, Kota Bandung

 Nominasi katégori guru basa Sunda SMA/SMK/MA/MAK:

  1. Atik Putri Utami, SMAN 1 Cikalongwetan, Kab. Bandung Barat
  2. Ema Rahmawati, SMK Negeri Jatiluhur, Kab. Purwakarta
  3. Encep Ridwan, SMAN 3 Kota Bandung
  4. Lalah Jamilah, SMA IT Alhuda Almusri' 1, Kab. Cianjur
  5. Ratih Prasedyawati, SMA Islam PB Soedirman, Kota Bekasi

Sabada wawancara, pikeun nangtukeun pinunjul teh girang pangajen maka sawatara kriteria atawa kompetensi, di antarana:

  1. Kompetensi kapribadian. Guru-guru nu dipilih téh pikayungyuneun, tuladeun, jeung picontoeun siswa katut masarakat sakumna.
  2. Kompetensi pedagogis. Guru-guru nu dipilih teh kaitung parigel dina ngararancang, ngalaksanakeun, jeung ngamekarkeun pangajaran di sakola.
  3. Kompetensi profesional. Guru-guru nu dipilih teh katimbang weruh kana elmuning ngajar jeung tabah kana padika ngajar, utamana tumali jeung pangajaran basa Sunda di sakola.

Salian ti eta, girang pangajen nimbang-nimbang guru nu aktif di lingkungan anu leuwih jembar, utamana nu patali jeung tarekah miara basa, sastra, katut budaya Sunda. Upamana bae boga kapunjulan dina ngareka sastra, ngayakeun panalungtikan, icikibung dina organisasi, miara kabudayaan, jeung mintonkeun rupaning gagasan boh sacara lisan boh sacara tulisan.

Sabada ngimeutan, niténan, neuleuman, jeung nimbang-nimbang para calon dumasar kana kompeténsina, girang pangajén netepkeun nu baris nampa Hadiah Hardjapamekas taun 2023 téh nyaéta:

  1. Kategori guru SD: Nenden Hernika, S.Pd., M.Pd., guru SDN Bojongmangu 03 Kabupaten Bekasi.
  2. Kategori guru SMP: Imas Rohilah, M.Pd., guru Basa Sunda SMPN 1 Warungkondang Kabupaten Cianjur.
  3. Kategori guru SMP: Encep Ridwan, S.Pd, M.M.Pd., guru Basa Sunda SMAN 3 Kota Bandung.

Ditetepkeun di Bandung, 23 Séptémber 2023

Girang Pangajén,

  1. Elin Sjamsuri
  2. Dr. Dingding Haérudin
  3. Safrina Noorman***

Editor: Heriyanto Retno

Tags

Terkini

Terpopuler