Tacan Pernah Kacaritakeun Gedong Kasenian di Lembur Singkur

31 Januari 2021, 12:00 WIB
Penulis ngaping Komisi V DPRD Jawa Barat di Gedong Pusat Budaya Subang di Hutan Kota Ranggawulung Kabupaten Subang. /dokumentasi Mas Nana Munajat/

PORTAL BANDUNG TIMUR - Ngeunaan gedong kasenian atawa gedong budaya geus heubeul jadi panyileukan seniman, unggal ganti gubernur jeung bupati atawa walikota. Ting kuniang harepan ayana gedong kasenian anu refresntatif, wangunanna sigrong, atuh panggungna, pakakas panggungna kayaning lighting, sound system, akustik nu hadé. Tempatna gampang didongkang, aya dipusat karaméan.

Kapan jaman béh ditu ogé rombongan longsér, topéng, lontang, sandiwara jeung kasenian tradisi lianna manggungna téh di pasar malam. Aya nu di pasar, deukeut pasar, di buruan stasiun karéta jeung di tengah lembur atawa kota.

Pon kitu deui gedong kasenian jeung gedong film diadegkeunna di puseur dayeuh, teu anggang ti kantor pamaréntahan katut pusat karaméan.Contona gedong Merdéka asalna tempat konser musik, jeung opera, yayasan Pusat Kebudayaan anu di kota Bandung apanan di tengah kota, gedung Kesenian Jakarta di tengah Kota.

Tara kabéjakeun aya gedong film atawa gedong kasenian anu diadegkeun di lembur singkur, komo di kebon anu anggang ti lembur mah. Wangunana tohaga, ngajega tepi ka ayeuna. Salahsahiji wangunan anu reugeujeug beunang nyieun pamaréntah propinsi Jawa Barat nyaéta gedong kasenian Rumentangsiang, harita mah kawilang agréng, tempatna paadek jeung pasar kosambi, di jalan baranangsiang kota Bandung, waktu jaman gubernur Solihin GP.

Baca Juga: Masih Banyak Warga Kabupaten Garut Lalai Abaikan Protokol Kesehatan  

Geus sababaraha kali ganti Gubernur di Tatar Priangan ieu, tacan ngadeg deui gedong kasenian anu reugeujeug. Memang, unggal ganti Gubernur sok puncunghul ide nyieun gedong kasenian.

Keur  Dede Yusuf jadi Wakil Gubernur gede harepan Jawa Barat miboga Gedong Kasenian anu gede agreng. Kitu deui keur Dédy Mizwar jeneng jadi Wakil Gubernur Jawa Barat, puncunghul program deuk ngawangun gedong bertaraf internasional di Kota Bandung di Jalan Cikutra, malah didongsok ku Ridwan Kamil anu nuju jumeneng jadi Wali Kota Bandung.

Oge ka idean ngawangun Geo Theatre di lelewek urut penggalian batu di lelewek Guha Pawon, Cipatat Badung Barat. Sarta gedong kasenian di unggal Kota jeung Kabupatén, Anjeuna ngusulkeun sangkan gedong bioskop anu geus teu kapaké diwangun gedong kasenian.

“Tah rada merenah yeuh, meureun ari urut gedong film mah ayana di tengah kota atawa teu anggang di tempat karaméan, sarta ngeunaan akustik geus nyampak, éta program pada narungguan,” kitu gerentes hate.  

Teuing Kota jeung Kabupaténna teu ngaréspon atawa bingung ngabébaskeun lahan jeung wangunan. Da geuning aya sababaraha Kota jeung Kabupatén anu meunang bantuan dana propinsi keur gedong kasenian, nya kitu téa dina geus ngawujudna teu ngalér-teu ngidul, teu nyumponan sarat keur kapentingan seni pintonan.

Baca Juga: Sejumlah Helikopter Dioperasikan Distribusikan Bantuan ke Wilayah Terisolir Korban Gempa Sulbar

Atuh antukna aya nu dipaké kagiatan olah raga, éta mah masih untung.  Malah aya nu teu dipaké nanaon pisan,wangunna mangkrak, kawas imah jurig. Nu kawilang pujieun mah sarta pikareueuseun nyaéta Gedong Kasenian Sabilulungan di Soréang  Kabupatén Bandung. Wangunana agréng sarta luyu jeung standar seni pertunjukan internasional.  

Warta pikabungaeuheun muncunghul deui, sanggeus Ridwan Kamil diistrénan jeneng Gubernur Jawa Barat, Pemprov. Jabar baris méré dana Bantuan Propinsi (Banrov) keur ngawangun gedong kasenian jeung pusat budaya. Kabupatén jeung Kota anu baris dibantu keur pangwangunan gedong kasenian nyaéta Ciamis, anu tempatna di Karang Pawitan, Sumedang anu tempatna di Rancakalong, Garut di Kampung Pulo, kabupatén Tasikmalaya di Pagerageung jeung Subang di kawasan hutan kota Ranggawulung.

Anu geus diwangun nyaéta Gedong Kesenian Géo Theatre Rancakalong Sumedang, jeung Gedong Pusat Budaya Subang di Hutan Kota Ranggawulung.

Gedong kesenian Géo Théater Rancakalong réngsé tahun 2020, kungsi didongdon ku Dony Ahmad munir Bupati Sumedang 6 November 2020. Eta gedong kasenian nu waragadna Rp3,9 miliar basa 8 Desember 2020 kaliwat, runtuh katebak angin.

Baca Juga: Terima 13.400 vial Vaksin Sinovac, Kabupaten Cirebon Akan Gelar Vaksinasi 1 Februari

Teu beda jauh, Gedong Pusat budaya Subang anu kakara diwangunna keur pintonan seni, kalawan waragadna Rp6 miliar, mangkrak. Teu aya nu ngurus, barala jeung kalotor. Éta kajadian geunjleung di média sosial (Medsos).

Warta anu sumebar di medsos diréspon ku Komisi V Dewan Perwakilan Rakyat Daérah (DPRD) Jabar, tanggal 26 Januari ka Rancakalong Sumedang, jeung Ka Ranggawulung Subang.

Waktu rombongan anjog ka lokasi gedong kasenian anu runtuh, dibagéakeun ku Kepala Bidang Kebudayaan Dinas Pariwisata, Kebudayaan, Pemuda dan Olah raga (Disparbudpora) Kabuaptén Sumedang Dédé Sobarna, jeung Camat Rancakalong, katut stafna.

 “Duh mani sedih ningali ieu gedng kasenian, saencanna rugrug mah alus katingali agréng, da nu ngagambarna bapa Ridwan Kamil. Lebar temen,” ceuk iwan Purnama penggiat seni urang Tanjungsari.

Méh dalapan puluh persén ancurna éta wangunan, runtuhna katebak angin, munasabah mun rugrug téh da kontruksi jeung materialna teu nyumponan sarat. Lapisna ku triplék, kaina ogé lain kai anu tahan lila. Ahéngna éta gedong kasenian diwangun anggang ti lembur.

 “Saha anu badé lalajona, da ka ieu tempat taya kendaraan umum anu ngaliwat, alusna mah di kota baé ngarah gampang kadongkangna,” Abah Aka Juhaya pengrajin lampu patri, sanggar ajisaka, Tanjungsari Sumedang, ngedalkeun kaharenegna.

Nu jadi alesan pangna nurutkeun Dédé Sobarna Kabid  Kebudayaan Disparbudpora Kabupatén Sumedang, pangna diwangun di éta tempat ka hiji perkara tanah. Di kota tos teu aya lahan milik asét Pemkab, tanah anu aya nyaéta tanah carik désa, anu teu kudu merlukeun dana keur pembébasan tanah.

Anu ka dua, patali jeung sumber daya kultural, Rancakalong boga tradisi Ngalaksa jeung seni tarawangsa, tradisi jeung senia masih hirup. “Pihak  Disparbudpora tos siap ngaramékeun ieu gedong kasenian, mung hanjakal ieu wangunan kabujeng runtuh,” pokna bari neuteup ruruntuk wangunan.

Ampir sarua nasibna jeung Gedong Kasenian Géo Théatre Rancakalong, Gedung Pusat Budaya Subang sanggeus diwangun teu diurus, kalotor, barala, rahab wangunana dalapan pluh persén tina awi, anu bagéan luar katémbong geus barobo, cai nguyumbang dina lanté.

Waktu rombongan Komisi V DPRD Jabar anjog ka éta tempat dibagéakeun ku spanduk anu tilisanna “Selamat Datang di Kandang-kandang” beunang nyieun Forum Mahasiswa Subang Se-Indonésia (Formasi).

Nurutkeun Amin, anu ngawakilan Dinas Pekerjaan Umum, dan Perumahan Rakyat (PUPR) Subang, waragad keur ngawangun gedong Budaya Subang Rp6 milar. “Ieu téh nembé kanggo gedong pintonan, dana sakitu téh dianggo kanggo lahan parkir, jalan ka lokasi sareng ieu wangunan. Tina rarancang arsiték Yusing mah kedah sadayana tina awi, mung pihak PUPR  patali sareng tihang, oge rangkai tina beusi sarta baja ringan, supados rada kiat,” kitu katerangan Amin waktu dipénta katerangan ku Komisi V DPRD Jabar.

Baca Juga: Isu Hoaks Vaksin Covid-19 SEmakin Merebak, Masyarakat Jangan Termakan Isu

Ngeunaan saha nu kudu ngokolakeun éta gedung teu acan jéntré.”Mun ningali grand desainna mah ieu pusat budaya téh keur déstinasi wisata, tina éta desain lain ngan ukur panggung tempat pintonan, aya kolam renang aya galeri karajinan, kulinnér, ogé aya tempat tikéting. Ieu mah étalase budaya kangg kapentingan wisata. Tah upami badé dipasrahkeun ka Dinas Pendidikan dan Kebudayaa Subang kedah dirobih heula konsépna. Da widang kebudayaan disdikbud mah teu aya hubunganna jeung Penghasilan asli daérah, hubunganna sareng atikan seni, pewarisan, pelestariaan, pengembangan seni budaya,” Khadar Héndarsyah Kabid Kebudayaan nepieu alesanna pangna pihak Disdikbud can narima Gedng Pusat Budaya.

”Ieu bangunan anu bahanna tina awi, sarta hateupna maké piber, anu bagéan luar teu katiungan, nu kapanasan jeung kahujanan anu bagéan warnana robah, malah katémbong geus bobo. Tah ieu téh dina jihad kontruksi geus salah, ieu téh méh sarua jeung wangunan anu aya di Sumedang, upami nilik wangunan anu di Sumedang katingalinatina modél alus, sarta gumulung jeung alam katut budayana, ngan hanjakal material anu dipaké teu luyu jeung dana anu diglontorkeun ku pemprop Jabar,” ucap Néng Madina anggota Komisi V ti Praksi PPP nepikeun ka kuciwaanna.

Kitu deui jeung kaayaan ti ieu wangunan, teu saimbang jeung dana Banprop. Genep milyar mah kudu karasa mangpaatna ku pamangku seni, ieu mah katingalina kotor,cai nguyumbang dina lanté, cindekna ieu wangunan teu pantes matak sareukseuk Biaya genep M téh teu mangpaat, sarta kacida mubazirna

Méh sawirahma jeung Néng Madina, anggota Komisi V DPRD Jabar ti Praksi Gerinda Ali Rasyid nembrakeun kaharenegna. “Wangunan anu diadegkeun dina lahan hutan kota Pemkab Subang, dina lahan legana genep héktar, sarta mékaeun wargad Rp6 miliar,” ucap Ali Rasyid.

 Ti saprak réngse diwangun, can kungsi karasa mangpaatna ku masarakat seni. Lebar temen. Anu kadida hookeunna,dina ieu wangunan teu témbong aya panggung keur pintonan. Ti sagédéngeun éta ik atuh ngawangun gedong keur pakéaeun seniman téh anu luyu jeung standar pertujukan. Kilangbara internasional mah.

Lokasina deuih, alusnamah di tengah kota, gedong film ogé tara aya nu di sisi lembur. Munasabah mun seniman Subang kuciwa sabab wangunanna teu luyu jeung kapentingan seni pintonan.

Ieu wangunan katut fasilitas lianna baris sagancangna diaudit, sarta bakal sagancangna, ménta kajelasan ti pihak Disparbud Jabar, jeung dinas Perumahan tata ruang dan Permukiman. Saterusna rék babadamian jeung seniman, budayawan, Subang, jeung Sumedang sarta Formasi.

Penulis Mas Nana Munajat (pemerhati seni budaya tradisional)***

Editor: Heriyanto Retno

Tags

Terkini

Terpopuler